Puisi : Gupay Wanci nu Kiwari
GUPAY WANCI NU KIWARI
Karya : Nuri Nur Hikmah Darajatun
Gening..
Loba barudak sakola daring..
Kusabab loba jelema anu garering..
Teu saeutik nu murang-maring..
Lantaran dikerem di imah beurang peuting..
Gening..
Loba nu leuir pikir hawara biwir..
Lantaran ngudag nu ceuk rasana ngajegir..
Ngumbar pasini tungtungna jalir..
Alesanna pédah takdir teu bisa dipungkir..
Gening..
Tos teu aya réndéng patepung cangkéng..
Tos teu aya rémpét anu ngarémbét..
Nu aya saukur kaanggang anu ngabentang..
Saukur kasono nu purah ngadodoho..
Gening..
Mun nyangsaya na rangkulan indung peuting..
Kapikir réhna alam dunya keur ngahariring..
Nembangkeun sabangsaning pépéling..
Yén kahirupan dunya moal salilana nyanding..
Nun Gusti nu Maha Agung..
Saéstuna Anjeun Dzat nu linuhung..
Hihijina nu baris nangtayung..
Nu pinasti maparin pitulung..
Tina samudaya sasalad anu keur mahung..
Posting Komentar untuk "Puisi : Gupay Wanci nu Kiwari"